Saya bukan Wawan

Kacaritakeun aya hiji bapa-bapa nu latah kacida. Harita manehna keur gawe, jadi mandor bangunan di lantai 19. Keur ngeunah gawe, ujug ujug aya jalema kaluar tina lift sabari ngagorowok "Pak Wawan! Anak bapak nu perempuan meninggal, kecelakaan!"

Atuuhh, jol ceurik si bapa eta teh.. Manehna  ngagoak sabari rawah riwih.  tiba2 manehna ngagajleng luncat ti lantai 19; "tidaaaaaaaaaaaaaakkkkk......."
Sedih kacida nu ngaran bapak kaleungitan budak nepi ka mutuskeun bunuh diri ngagajleng ti lt-19 .. ... .. ting tuing tuing ngalayang


awakna murag kokoleangan ka handap
.
dina perjalanan ragrag teh, nepi lantai 10 maneh na mikir;
"perasaan da uing mah teu boga budak awewe...." :/
terus kokoleangan....
nepi lantai 7 maneh na kerung; "perasaan kawin oge acan...." 3-|
tuing ting tuing kokoleangan....
nepi lantai 4 maneh na molotot; "perasaan ngaran aing mah lain wawan...
*#!@>:O#!!#"

Sent from BlackBerry® on 3