Jurig sieun ku budak leutik

Dina hiji poe aya budak sakola TK balik ngaji satas magrib. Di jalan budak teh kacida ngagebegna waktu ningali aya nu ngabelegedeg ngarupaan jurig. Si budak kaweur jeung bingung kudu kumaha sangkan bisa ngusir jurig tea, kulantaran di sakola manehna kakara diajar dua doa, nyaeta doa rek dahar jeung doa rek sare. Tapi kalayan teuneung jeung ludeung, gorolang we manehna ngadoa :

"BISMILLAHIR ROHMANIR ROHIM. ALLAHUMMA BARIQLANA FIIMA ROZAQTANA WA QINAA AZAABANNAR. AAMIINNN..".


Ngadenge doa budak , na da eta si jurig teh lumpat ngabecir, bari noroweco: "Anjiiir, kakara aing rek didahar ku budak leutik!"
.
Sent from BlackBerry® on 3