Kopi kucing

Ubar tunduh mangga diaos : Hiji dinten Asep nganjang ka Agan. Asep disuguhan kopi ku Agan. Sigana kopina raos pisan, soalna Agan muji-muji pisan ka kopi anu disuguhkeun. Lantaran panasaran, Asep langsung "Nyuruput" kopi eta.
Asep : Gan, Ieu kopi naon, naha rasana rada haseum?
Agan : Ieu kopi istimewa, ampir sami sareng kopi luwak anu terkenal tea.
Asep : oh, kitu ...., kopi naon ngarana?
Agan : Kopi ucing, abdi ngadamel nyalira.
Asep : Kunaon dinamian kopi ucing?
Agan : Sabab diolah lewat ucing. Upami kopi luwak kopina didahar luwak heula sateuacan diolah, ari kopi ucing mah didahar ucing sateuacan diolah janten kopi bubuk. Abdi terinspirasi kopi luwak, namung supados gampil abdi nganggo ucing wae.

Asep : Ucing sedep kopi kitu?
Agan: Nya, henteu. Kopina digerus rada kasar, teras dicampur lauk asin, teras diparabkeun ka ucing. (Asep mulai mules).
Agan : upami tos kaluar sareng tiucing, teras gerusan kopi teh disaring, dikumbah teras dipoe dugi ka garing, teras digiling deui. Tah ... Ieu akang anu pertama nyobian kopi ucing teh, da teu acan pernah disuguhkeun ka nu sanes . Abdi oge teu wantun nyobian nyalira, rada geuleuh. Kumaha, kang ... Raos kopina?
Asep :Gelo, siah .... Sasangkleng pisan teu gableg polo geuning maneh teh...!! :D :D :D
Sent from BlackBerry® on 3