SMS nipu

Aya SMS asup, Mang Yayat ngan pati kerung macana oge:
"Nak, tolong kirim pulsa 100 ribu ke hp baru Mama. Mama lagi di kantor polisi. Penting."

Mang yayat ngabales kesel:
"Rék nipu aing siah ? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ogé Ema ! "

Teu lila aya SMS asup deui:
"Jang, tolong kirim pulsa 100 ribu ke Ema. Ema lagi di kantor polisi. Penting "

Dibales ku Mang Yayat:
"Istikomah atuh maké bahasa téh, rék bahasa Sunda atawa Indonesia ! "

SMS dibales :
"Jang, punten kintun pulsa 100 ribu ka Ema. Ema nuju di kantor polisi. Penting ! "



Mang Yayat ngabales deui:
"Hampura, aing ogé sarua cekak 700 perak deui. Gara2 sia atuh da tukang tipu ! "

Nu rék nipu ngabales deui:
"Cing atuh ti tatadi nya ngomong wé teu boga pulsa ! Capé rék nipu na ogé ! "

Mang Yayat ngabales :
"Cucunguk sia atuh da ! Jadi pulsa aing 350 pérak deui ! "

Dibales ku nu nipu:
"Salah saha kunaon dibales !?"

Mang Yayat ngabales :
"Sia anying nu ngamimitian tukang tipu ! Ieu SMS aing nu terakhir ! jadi beak pulsa aing ! "

Nu nipu ngabales: " Sarua béak pulsa aing oge kéhéd !!! X_X =D
.
Sent from BlackBerry® on 3